Showing posts with label Bahasa Sunda. Show all posts
Showing posts with label Bahasa Sunda. Show all posts

Friday, February 12, 2010

Kata Pengantar Dalam Bahasa Sunda

Diamparan ku Basmalah bubuka lalangse hate, sangkan bagja tinekanan,najan sakabeh awak-awakan sadar yen dina lumaku sajeroning hirup karempan jeung kahariwang nu manjang datang dina angen satiap inssan, kitu deui dina nyinghareupan poe anu bakal datang, sok sieun leungiteun basa, budaya jeung seni warisan ti sepuh-sepuh urang, saupami urang nitenan kanyataan nonoman kiwari anu ampir leungit jati dirina salaku urang Sunda, boh basa, budaya jeung paripolahna.
Satemenna kabagjaan mangrupa rohmat jeung karunia Allah Subhanahu Wata’ala anu ngarupakeun hak sakumna manusa. Tatar Sunda nu ditakdirkeun hiji lemah cai anu subur turta endah dibarengan ku masyarakatna anu religius tur someah ka semah bari mibanda basa jeung budaya nu nyongcolang salaku ajen jeung inajen diri anu dipatri dina kaluhungan hirup anu resep silih asih tulungan jeung silih tungtun dina ngajalankeun kahadean..
Saya contek dari sebuah AD/ART radio di bandung ...tapi kayaknya ga nyambung yah , tapi sok dirobih nya...bilih aya nulepat/salah







Monday, October 26, 2009

Contoh Undangan Dalam Bahasa Sunda/Uleman dina bahasa sunda

PAMARENTAH KOTA BANDUNG
DINAS PENDIDIKAN
SD NEGRI SUKAMAJU
Jl.Sukamaju No.31 Telp.022-7330121 Bandung
-----------------------------------------------------------------------------

Bandung,23 Oktober 2009
Nomor : 13/12/SD.SM/2009
Lampiran : -
Perihal : Uleman rapat

Kahatur
Yth : Orang tua/wali siswa
Kelas VI
SDN Sukamaju
di
Tempat

Assalamualaikum Wr.Wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Dina harepan urang sadaya dina kaayaan sehat wal’afiat.Amin.
Salajengna dina rangka persiapan Ujian Sakola Berstandar Nasional(UASBN)
siswa-siswi kelas VI SDN Sukamaju 2009/2010. Aya hal-hal anu penting, kukituna sim kuring salaku Komite Sakola, ngundang Bapa miwah Ibu supados sumping dina acara rapat nu bade dilaksanakeun:

Dinten/Kaping : 26 Oktober 2009
Tabuh : 09:00/10:30
Tempat : Aula SDN Sukamaju

Kumargi pentingna acara ieu, diharepkeun kahadirannana. Hatur nuhun kana perhatosannana.

Wassalamualaikum.Wr.Wb


Kapala sakola

Dra. Indarsah,M.M.pd
NIP. 1988850231